GIRIMIS_KAPEURIH


Carpon

Hujan di luar ti isuk can baè raat. Malum keur usum ngecrek. Seuneu di hawu teu daèk hurung jajauheun suluh ka ruhay aya ruhakan, da puguh baseuh. Euis gawèna humandeuar nyanghareupan bangbaluh hirup nu beurat karasana.

Kumaha nasib urang tèh ka hareupna kang?. Ceuk Euis ka Sanusi nu jadi salakina bari nyeupankeun sangu poè, kana sèèng. Mangkaning budak keur meujeuhna pajukeuneun nu cikal asup ka SMP, atuh nu bungsu asup ka SD. Keun ari nu kadua jeung nu katilu mah da masih kelas lima jeung kelas tilu. 

Tuda Euis jeung Sanusi mah, mani tunji pisan boga budak tèh. Jaba pan kawina teh keur umur belasan taun, malum di lembur jaman harita. Mangkaning nyakolakeun jaman kiwari tèa, teu cukup ku duit saeutik.

"Enya kumaha atuh Is, da ari rarasaan mah akang usaha tèh, kudu kumaha mani asa banting tulang. Sirikna hulu dijieun suku, suku dijieun hulu. Ceuk paribasana kèsang gè mani ka luar tina sabulu-bulu. Tapi da meureun guratan nasib urang ngan sakieu. Kudu kumaha deui, iwal ti kudu di tarima ku kasabaran, jeung ka tawakalan. Ceuk Sanusi bari niupan seuneu ku songsong.

Lain kamari tèh, akang panggih jeung Rosadi, manèhna ngajak usaha ka Jakarta. Cènah urang usaha dagang onerdil. Ngan ku akang tèh, can di hayukeun, dapuguh can kacipta keur modalna. Ngadèngè Sanusi nyarita kitu, Euis ngahuleng. Teu lila pok nyarita. "Nya atuh sugan aya milik urang kang. Keur modal mah, atuh itu baè jual domba. Da ari akang teu aya di lembur mah, abdi teu sanggup ari kudu ngarit mah." Euis mèrè saran ka salakina. 

Ahirna mah ka iring ku do'a jeung ka nyaah nu jadi pamajikan, Sanusi biur baè indit milu ka Rosadi seja ngadu nasib, rèk usaha di Jakarta. 

Sabulan, dua bulan ti mimiti Sanusi indit usaha ka Jakarta, èstuning mani pleng les. Boro-boro aya balik bari ngirim biaya keur kulawarga, dalah tunda talatah ogè teu aya.

Euis saban poè ukur bisa ngalengo dina lawang panto. Nunggu-nungu sugan nu jadi salaki aya balik. Tapi lakeuk deui, lakeuk deui kalah nyeri beuheung sosongkèteun.

Mun geus kitu Euis ukur bisa lumengis sedih, ari ras ku nasib diri. Asa kaniaya ku kadar awak. Salaki geus mang bulan-bulan taya bèja, taya carita. Boro-boro ka ngiriman keur rèsiko. Sedengkeun barudak mah, pan teu bisa di parasabenan.

Engkang, ku abdi di anti-anti, piraku dugi lali kana jangji. Naha akang bet cidra. Asa nalangsa kang!!. Sagalana janten mupus impian. Lamun abdi neuteup si bungsu keur sarè, diri jadi nguyung. Kanyeri, kasedih pagalo jadi ka peurih.

Kang!! 

Kunaon angkat tèh bet megatkeun lalakon. Pami terang pikieueun asa pamohalan mun abdi ngidinan akang lunta. Ceuk paribasana kajeun dahar ukur jeung uyah, tapi urang bisa hirup ngariung bari ayem tengtrem.

Ya Alloh!!

Nu ngatur ieu lalakon, nu ngawelah ringkangna manusa, nu ngusikeun jatining asihna diri, abdi seja sumerah pasrah kana sagala rupi papastèn ti anjeun.

Dina hiji waktu Euis nu di anteur ku adina, maksakeun indit nyusul ka Jakarta. Teu hèse Euis nèangan Sanusi tèh da geus mawa alamat pamèrè Rohman, anu sarua, ngadon usaha di Jakarta. Ngan ari Rohman mah, muka bèngkèl dinamo di Kebayoran. 

Bèja ti Rohman kènèh, cènah lamun salakina di Jakartana tèh usaha kana onerdil motor. Bari geus ngabogaan kios sorangan nu kawilang gedè pisan. Jaba ti kitu, geus ngabogaan sababaraha urang pagawè.

Barang datang ka tempat usaha salakina, Euis asa manggih gelap lain wayah. Manahorèng Sanusi nu jadi salakina geus boga deui pamajikan, malah pamajikanana nu ngora keur kakandungan opat bulan. Ari nu jadi pamajikanana tèh, taya lian ti saurang pelayan di tokona.

Sanggeus nyaho kitu kaayaanana mah, harita kènèh Euis teu ngusap birit dua kali. Dirina mènta diragragan talak ku Sanusi, da narah lamun dirina kudu di candung. Nya ti mimiti harita pisan, Euis geus gilig arèk ngurus jeung ngagedèkeun budak ku sorangan.

Sanggeus hirup nyorangan, Euis bating tulang nyiar kipayah pikeun nyambung hirup jeung pangabutuh sapopoè. Utamana keur biaya budak sakola. 

Subuh-subuh Euis geus singkil. Tilu karung gemès urut bèas, nu di talian ku rapia, geus di asupkeun kana tolombong. Kitu deui karèmbong kameumeutna geus nyampai dina taktakna.

Teu kungsi lila reg angkot nu geus jadi langgananana eureun. Tèh Euis Hayu!!. Ceuk Aisah salah saurang panumpang nu geus aya di jero. Kalacat Euis naèk kana angkot, nu rèk nganteurkeun manèhna jeung baturna ka pasar. Kitu jeung kitu baè kasibukan Euis saban poèna tèh.

Ari ku keyeng bari leukeun jeung ulet mah,Alhamdulillah warung Euis, beuki kadieu beuki maju. Malah ayeuna mah, lain ngan sa ukur warung, tapi geus jadi toko. Ngaladangan ogè geus di bantuan ku sababaraha urang dulurna. Kitu deui barudak nu cikal jeung nu kadua, geus barèrès kuliah malah, duanana ogè geus marancèn gawè. 

Arif budak nu cikal meunang gawè di perusahaan asing di Jakarta. Rani budak nomer dua kabeneran ditarima di salah sahiji Bank nu aya di kota Kabupatèn.

Di tempat gawèna, Arif deukeut jeung hiji karyawati nu ngaran Èrna. 

Ari bakating ku terus pangih unggal poè mah, atuh puguh kenalna Arif jeung Èrna tèh tambah loma.

Dina hiji waktu Arif jeung Èrna saling muka kahirupan masing-masing. Arif nyaritakeun mun manèhna jeung nu jadi adi-adina hirup di gedèkeun kunu jadi indung.

Kitu deui Èrna nyaritakeun mun dirina geus teu boga indung. Alatan sabada ngalahirkeun adina, indungna terus maot. Ari usaha bapana bangkrut. Lantaran tempat usahana di gusur ku Satpol PP. Da puguh tanah nu di adegan toko tèh milik pamarèntah. Sedengkeun ayeuna bapana setroke, nu terus kudu uubar ka dokter. 

Ngadèngè kahirupan Èrna kitu Arif ngarasa karunya. Lamun keur boga rejeki leuwih, Arif tara lebar sok ngeupeulan ka Èrna. Basana tèh nitip keur adi Èrna. 

Dina hiji waktu, sabada balik ti kantor Arif nganteurkeun Erna ka imahna, sakalian hayang ngalongok bapana Èrna nu geuring setroke.

Imah Èrna tèh ayana di jero gang. Di imah kasampak saurang lalaki keur ngagolèr dina tempat pangsarèan. Budak lalaki kira umur opat taun jongjon keur mencètan suku nu jadi bapana.

Kajeun geus heubeul teu panggih, Arif teu kapalingan mun lalaki nu keur ngagolèr gering stroke tèh, taya lian ti Sanusi bapana. Arif ngagabrug Sanusi, bari ngagugguk ceurik. "Apaaa !! ieu Aa.., Arif putra apa sareng mamah Euis. Hapunten apa!! Aa nembè tiasa ngalayad apa. Da salami ieu Aa teu terang apa aya di mana.

Sanusi nu di gugulung bari di ciuman ku Arif, ukur bisa kunyem bari sora teu jelas. Sedengkeun pipina geus baseuh juuh ku ci panon. Ngan nu katangkep ku Arif bapana mènta di hampura, jeung mènta adi-adina supaya di bawa ka manèhna.

Ningali Arif nyuuh dina dada bapana bari ceurik, Èrna ukur bati ngahuleng. Ngan sanggeus nyaho pancakakina mah, Erna ngarangkul ka Arif bari sarua ngaginggiut ceurik. Ya Alloh Aa!! tèh geuning lanceuk abdi. Èrna di usapan ku Arif, kitu deui budak lalaki adina Èrna ku Arif di rangkul bari di usapan.

Isukna kabeneran poè perè, Arif balik ka lembur. Sanggeus aya di lembur, Manèhna bèbèja ka indungna, mun bapana dina kaayaan setroke. Euis meunang bèja ti Arif soal kondisi Sanusi, sakedapan mah Euis ukur ngahuleng. Bari dina juru socana aya cai nu ngagenclang hèrang nètès kana pipina. Euis nyusut pipina, bari pok nyarita. 

Aa!!.

Mamah moal ngungkit kanyeri anu kamari. Moal ngaguar lara tunggara nu baheula. Keun èta mah arèk di sidem keur pieunteungeun. Anggap baè mamah karèk hudang tina sarè. Kahirupan mamah jeung apa nu ka tukang, rèk di anggap ngimpina. Ceuk Euis bari neuteup seukeut ka Arif budak cikalna.

Aa!!. 

Pikeun diri mamah. Kajeun teuing kumaha ogè, apa hidep tèh, gedè pisan andil jeung jasana kana kahirupan mamah ayeuna. 

Mamah bisa hirup mandiri, mamah jadi bisa usaha, bisa ngurus aranjeun, jeung nyakolakeun hidep kabèh, boga imah, ceuk paribasana boga mobil bak paranti balanja ka pasar, ari sarèatna mah gara-gara apa hidep nikah deui. 

Lamun seug harita bapa hidep teu nikah deui, can tangtu mamah bisa hirup saperti ayeuna. Mèmang harita karasana ku mamah peurih batan ka turih hinis. Katugenah hatè mamah teu bisa di gambarkeun ku carita. Èstuning kanyeri lèbèr minuhan jaladri batin. Ngan sakabèh èta ku mamah di cokot hikmahna baè. 

Da geuning Alloh mah, mun mikeun ka deudeuh jeung mikanyaah ka umatna tèh, kadang-kadang kudu nyorang heula gogoda jeung cocoba. Bari teu jarang kudu manggih kanyeri jeung kapeurih. Ngan ari keur mamah mah, sok ngabogaan kayakinan. Lamun Alloh mèrè cocoba tèh, sajaba sok di saluyukeun jeung kamampuan umatna tèh, ogè sok di barengan ku mèrè kabagjaan.

Ngan peupeujeuh ti mamah, kajeun teuing datangna ti indung jeung ti bapa, lamun laku lampahna nu gorèng mah omat ku hidep sarèrèa ulah di turutan. Ceuk Euis bari juuh ku ci mata.

Ieu amanat ti mamah ka hidep kabèh nya. Omat palaputra apa ti indung hidep nu anyar, kudu di pikanyaah ku hidep. Da sarua adi hidep kènèh. Komo deui geus teu bogaeun indung watir. Malah kè dina hiji waktu mah bawa ka dieu mamah hayang apal. Jeung mun sakirana betaheun mah, baeu teuing sina cicing jeung mamah di dieu. Ceuk Euis deui.

"Mah!!. 

Kamari apa masihan isyarat sangkan Aa nyandak adi-adi ka Jakarta. Rupina mah apa hoyong tepang." Ceuk Arif bari tungkul. "Enya jig kaditu sonoeun meureun. Jeung deui ari umur mah saha nu apal. Keun sugan mamah ogè, bisa milu ka ditu. Mamah ogè hayang ngalongok apa. Ceuk Euis bari nilepan baju.

Dua poè ti harita Arif jeung Euis mawa barudakna ka Jakarta rèk di tepungkeun ka Sanusi. Geus kudu kitu lalakon hirupna Sanusi meureun. Sanggeus panggih jeung barudak tur geus saling hampura jeung Euis, Sanusi ninggalkeun alam ramè keur salilana.

Girimis reumis nu mawa peurih, turun ngeprul bareng jeung halimun lembur. Jiga ngajurung laku ka Sanusi, nu rèk ngajugjug alam padang poè panjang nagara tunjung sampurna. Nemoman panggupay nu Maha Kawasa.***

-- T A M A T --

Komentar

Postingan Populer